Translate

Minggu, 22 Mei 2016



WAJIB QODHO JEUNG KIFARAT PUASA

 


(فصل) وَيَجِبُ مَعَ الْقَضَاءِ لِلصَّوْمِ الْكَفَّارَةُ الْعُظْمَى 

 وَالتَّعْزِيرُ عَلَى مَنْ أَفْسَدَ صَوْمَهُ فِي رَمَضَانَ يَوْمًا كَامِلًا

 بِجِمَاعٍ تَامٍ آثِمٍ بِهِ لِلصَّوْمِ.


وَيَجِبُ مَعَ الْقَضَاءِ الْإِمْسَاكُ لِلصَّوْمِ فِي سِتَّةِ مَوَاضِعَ:

 الْأَوَّلُ فِي رَمَضَانَ لَا فِي غَيْرِهِ عَلَى مُتَعَدٍّ بِفِطْرِهِ،
  وَالثَّانِي عَلَى تَارِكِ النِّيَّةِ لَيْلًا فِي الْفَرْضِ،
 وَالثَّالِثُ عَلَى مَنْ تَسَحَّرَ ظَانًّا بَقَاءَ اللَّيْلِ فَبَانَ خِلَافُهُ،
 وَالرَّابِعُ: عَلَى مَنْ أَفْطَرَ ظَانًّا الْغُرُوبَ فَبَانَ خِلَافُهُ أَيْضًا، 
وَالْخَامِسُ عَلَى مَنْ بَانَ لَهُ يَوْمَ ثَلَاثِي شَعْبَانَ أَنَّهُ مِنْ رَمَضَانَ،
 وَالسَّادِسُ: عَلَى مَنْ سَبَقَهُ مَاءُ الْمُبَالَغَةِ مِنْ مَضْمَضَةٍ وَاسْتِنْشَاقٍ.
 
( ari ieu hiji pasal )
Wajib sarta keudah ngodhoaan kana puasa jeung mayar kifarat anu beurat sarta dihukum ta`zir ( diwiwirang ) ka jalma anu ngabatalkeun kana puasa-na jalma dina bulan puasa dina sapoe anu sampurna ( full sapoe ) disababkeun pasatemon ( jima` ) anu sampurna anu dosa ( doraka ) kalawan sabab pasatemon karana arah-arah puasa ( dina kaayaan keur puasa ).
Wajib sarta keudah kodho puasa sarta nyeungkeur ( imsak ) pikeun ( nuluykeun ) puasa dina 6 pirang-pirang tempat :
Ari kahijina eta dijero bulan puasa sanes dina liyan bulan puasa pikeun jalma anu ngahaja kalawan sabab buka puasa ( fithri ) anjeunna
2.eta ka jalma anu ninggalkeun niat dina peutingna dina puasa fardhu
3. ka jalma anu saur halna nyangka kana masih keneh peuting mangka tetela sulaya sangkaanna
4.ka jalma anu buka puasa halna nyangka kana suruf panon poe mangka tetela sulaya sangka deui ( tegeusna disangkana geus suruf panon poe padahal mah can suruf )
5.ka jalma anu tetela ka eta jalma ( nganggap ) dina eta poe ( masih kaping ) 30 sasih sya`ban ( padahal ) kana saestuna eta poe tina sapalihna sasih romadhon ( tegesna kaping 1 sasih romadhon ).
6.ka jalma anu kaleupasan ka eta jalma cai anu ngabangeutkeun tina kekemu jeung ngiseup cai kana irung ( sahingga asup kajero tikorona ).




ANU NGABATALKEUN PUASA

 

(فصل) يَبْطُلُ الصَّوْمُ بِرِدَّةٍ وَحَيْضٍ وَنِفَاسٍ أَوْ وِلَادَةٍ وَجُنُونٍ

 

 وَلَوْ لَحْظَةً وَبِإِغْمَاءٍ وَسُكْرٍ تَعَدَّى بِهِ إِنْ عَمَّا جَمِيعَ النَّهَارِ.


( ari ieu hiji pasal )
Batal puasa kusabab murtad jeung kusabab hed jeung kusabab nifas atawa kusabab ngajuru ( wiladah ) atawa kusabab edan sok sanajan sakeudeung jeung kusabab sakalor jeung kusabab weureu ( mabok ) anu ngahaja anjeunna kalawan weureu lamun sakalor / mabokna netepan kana sapanjang poe ( sapoe jeuput ).




HUKUM BUKA PUASA DINA WAKTU BEURANG DI BULAN ROMADHON



(فصل) اَلْإِفْطَارُ فِي رَمَضَانَ أَرْبَعَةُ أَنْوَاعٍ: وَاجِبٌ كَمَا فِي الْحَائِضِ وَالنُّفَسَاءِ، وَجَائِزٌ كَمَا فِي الْمُسَافِرِ وَالْمَرِيضِ، وَلَا وَلَا كَمَا فِي الْمَجْنُونِ، وَمُحَرَّمٌ كَمَنْ أَخَّرَ قَضَاءَ رَمَضَانَ مَعَ تَمَكُّنِهِ حَتَّى ضَاقَ الْوَقْتُ عَنْهُ.
وَأَقْسَامُ الْإِفْطَارِ أَرْبَعَةٌ أَيْضًا: مَا يَلْزَمُ فِيهِ الْقَضَاءُ وَالْفِدْيَةُ وَهُوَ اثْنَانِ: الْأَوَّلُ الْإِفْطَارُ لِخَوْفٍ عَلَى غَيْرِهِ، وَالثَّانِي الْإِفْطَارُ مَعَ تَأْخِيرِ قَضَاءٍ مَعَ إِمْكَانِهِ حَتَّى يَأْتِيَ رَمَضَانٌ آَخَرُ. وَثَانِيهَا مَا يَلْزَمُ فِيهِ الْقَضَاءُ دُونَ الْفِدْيَةِ وَهُوَ يَكْثُرُ كَمُغْمًى عَلَيْهِ. وَثَالِثُهَا مَا يَلْزَمُ فِيهِ الْفِدْيَةُ دُونَ الْقَضَاءِ وَهُوَ شَيْخٌ كَبْيرٌ. وَرَابِعُهَا: لَا وَلَا وَهُوَ الْمَجْنُونُ الَّذِي لَمْ يَتَعَدَّ بِجُنُونِهِ.
 



Ari ieu hiji fasal : ari buka puasa di bulan romadhon eta aya 4 pirang-pirang bagean ( nyaeta ) :
  1. Wajib ( buka puasa ) : saperti perkara jalma anu kaluar hed jeung nifas ( pikeun awewe )
  2. Mubah ( weunang buka puasa ) buka : saperti perkara jalma anu indit-inditan jauh jeung anu geuring
  3. Teu Wajib jeung teu Weunang ( tegesna hanteu kakeunaan hukum naon-naon )nyaeta : saperti perkara kaayaan jalma gelo
  4. Haram ( buka puasa ) : saperti jalma anu ngahirkeun kana qodho bulan romadhon seudeungkeun mampuh migawe manehna sahingga heureut waktu tina qodho.

Jueng ari pirang-pirang bagean buka puasa ( di bulan romadhon ) eta aya 4 pirang-pirang bagean deui ( nyaeta ) :
1. Anu wajib dina eta perkara Qodho jeung Fidyah nyaeta 2 rupi :
Ari ka 1 na : eta buka sabab sieun kana ( kasalameutan jiwa ) jalma lian ( misalna nulungan jalma atawa sato anu bakal titeuleum , ibu anu eukeur dina waktu nyusuan budak orok jeung sajabi ti eta )
Ari ka 2 na : eta buka kalawan ngakhirkeun Qodho padahal mampuh ngodhoan manehna, sahingga datang deui bulan romadhon anu sejen ( maksadna ngodhoan puasa dina waktu anu samistina di pigaw, ujug-ujug di batalkeun ) mangka dina taun hareupna deui, manehna wajib qodho jeung mayar fidyah ( saban teulat teulat sataun saemud ( 6 ons beas ) jeung lamun 2 taun manehna kudu mayar 2 mud ( 12 ons beas ) jeung kitu saterusna.
2. perkara anu wajib dina eta perkara Qodho halna hanteu wajib fidyah : nyaeta seueursaperti jalma anu sakalor / pingsan ( poho niat puasa, ngahaja buka jeung sajabi ti eta )
3. perkara anu wajib dina eta perkara Fidyah halna hanteu wajib qodho nyaeta pikeun kolot anu geus pikun ( lanjut usia )
4. anu teu wajib Fidyah jeungteu wajib Qodho nyaeta pikeun jalma gelo anu hanteu ngahaja kalawan gelona.


PERKARA ANU ASUP KA LEUBEUT LIANG ANGGAHOTA BADAN ANU HANTEU NGABATALKEUN PUASA.




Ari ieu hiji fasal : ari anu hanteu ngabatalkeun ( puasa ) tina perkara anu neupi ( asup ) kana beuteung ( liang badan ) eta 7 pirang-pirang perkara ( nyaeta ):
1,2,3. perkara anu asup ( nepi ) eta perkara kana beuteung sabab poho atawa hanteu nyaho atawa dipaksa
4. kusabab berjalanna ciduh tina perkara anu aya antara huntu-huntuna jeung halna apeus manehna tina ngutahkeunnana karana udzur manehna ( seusah )
5.perkara anu asup ( neupi ) eta perkara kana beuteung jeung aya perkara eta kekebul jalan ( anu ka iseup ku irung atawa asup ka jero baham )
6 jeung 7. perkara anu asup ( neupi ) eta perkara kana beuteung jeung aya eta perkara eta kekebul tipung atawa laleur anu hibeur atawa sabangsana laleur



z