Translate

Sabtu, 31 Januari 2015

5. Pangaosan Safinah Ngabahas Pirang-pirang Cirina Baleg

Link Ka Halaman Mimiti



عَلاَمَاتُ اْلبُلُوْغِ ثَلاَث 
‘Alaamaatul Buluughi Tsalaatsun 

 تَمَامُ خَمْسَ عَشَرَة سَنَةًَ فِي الذَّكَرِوَاْلأِنْثَى 
Tamaamu Khomsa ‘Asyaro Sanatan Fidzdzakari Wal Untsaa , 
 وَاْلاِحْتِلاَمُ فيِ الذَّكَرِوَاْلأُنْثٰى لِتِسْعِ سِنِيْنَ 
 Wal Ihtilaamu Fidzdzakari Wal Untsaa Litis’i Siniina ,
  وَ اْلحَيْضُ فِي اْلأُنْثٰى لِتِسْعِ سِنِيْنَ

Wal Haidhu Fil Untsaa Litis’i Siniina . 


Ari pirang-pirang cirina baleg ( dewasa ) eta aya 3 rupa :
Anu Ka 1. Geus sampurna umur 15 taun pikeun lalaki jeung pikeun awewe
Anu Ka 2. Ngimpi jima` ( sok sanajan teu kaluar mani ) pikeun lalaki 
    jeung pikeun awewe karana umur ( minimal ) 9 taun
Anu Ka 3.Kaluar geutih hed pikeun awewe karana geus umur 9 taun ( kalawan itungan taun Hijriyyah ).



4.Pangaosan Bab Hartina lafazh Laailahaa Illalloh



فَصْلٌ

 وَمَعْنٰى لَاإِلٰهَ إِلَّااللهُ

Wama’naa Laa Ilaaha Illallaahu

لَامَعْبُودَ بِحَقٍّ فِي الْوُجُودِ إِلَّا اللهُ .

Laa Ma’buda Bihaqqin Fil Wujuudi Illallaahu . 
Ari ieu hiji pasal
Ari ma`nana teu aya pangeran anging Alloh nyaeta hanteu aya deui anu wajib di ibadahan kalayan saleresna di alam wujud ieu ( alam dunya ) anging Alloh Swt

3. Pangaosan Ngabahas Bab Rukun Iman



 فَصْلٌ
 

أَرْكَانُ الْإِيْمَانِ سِتَّةٌ

Arkaanul imaani Sittatun
  أَنْ تُؤْمِنَ بِاللهِ An Tu’mina Billaahi
وَمَلَائِكَتِهِ

Wa Malaaikatihii
  وَكُتُبِهِ
 
Wa Kutubihii
وَرُسُلِه
Wa Rusulihii
وَبِالْيَوْمِ الآخِرِ Wabilyaumil Aakhiri
 وَالْقَدَرِ خَيْرِهِ وَشَرِّهِ مِنَ اللهِ تَعَالٰى 
 Walqodari Khoyrihi Wasyarrihi Minalaahi
Ta’aalaa



Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang rukun iman eta aya 6 perkara :
1.Yen percaya kalayan yaqin anjeun ka Alloh
2. Yen percaya anjeun ka pirang-pirang malaikat-Na
3. Yen percaya anjeun kana pirang-pirang kitab-Na
4. Yen percaya anjeun ka pirang-pirang Utusan-Na
5. Yen percaya anjeun kana poe akhir ( qiamah )
6. Yen percaya anjeun kana papasten tegesna saena sareung awonna ti Alloh Swt.

2. Pangaosan Ngabahas Bab Rukun Iman

Rukun Iman


فصل

 أَرْكَانُ اْلإِيْمَانِ سِتَّةٌُ:
Arkaanul imaani Sittatun : 
 أَنْ تُؤْمِنَ بِاللهِ، وَمَلاَئِكَتِهِ، وَكُتُبِهِ،  وَرُسُلِهِ
 An Tu’mina Billaahi , Wa Malaaikatihii , Wa Kutubihii , Wa Rusulihii ,
 وَبِالْيَوْمِ اْلآخِرِ، وَبِالْقَدَرِ خَيْرِهِ وَشَرِّهِ مِنَ اللهِ تَعَالَى.


 Walyaumil Aakhiri , Wabilqodari Khoyrihi Wasyarrihi Minallaahi Ta’aalaa .

Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang rukun iman eta aya 6 perkara :

  • Percaya kalayan yaqin anjeun ka Alloh
  • Percaya anjeun ka pirang-pirang malaikat-Na
  • Percaya anjeun kana pirang-pirang kitab-Na
  • Percaya anjeun ka pirang-pirang Utusan-Na
  • Percaya anjeun kana poe akhir ( qiamah )
  • Percaya anjeun kana papasten tegesna saena sareung awonna ti Alloh Swt.

Jumat, 30 Januari 2015

1. BUBUKA KITAB SAFINAH

link kanggo ka Halaman mimiti


بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ 

 وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلٰى أُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ ،
وَصَلَّى اللهُ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ خَاتِمِ النَّبِيِّيْنَ
وَاَلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ
 وَلَاحَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللهِ الْعَلِيِّ اْلعَظِيْمِ ،


Kalawan nyebat jeuneungan Alloh anu maha welas tur anu maha asih
Ari sadaya pujian eta tetep milik Alloh anu mangeranan pirang-pirang alam
Sareung mung ka Alloh nyuhunkeun pitulung abdi sadaya kana pirang-pirang perkara dunya sareung agama ( tegesna ngamangfaatkeun perkara dunya pikeun beukeul akherat ), sareung muga maparin rohmat Alloh swt ka jungjunan abdi sadayana tegesna kangjeung Nabi Muhammad Saw. Anu janteun panutup sadaya nabi sareung ka kulawargina, para shohabatna tegeusna sadayana. Hanteu aya daya upaya ( tina midameul ma`siyat ) sareung hanteu aya kakiatan ( tina midameul thoa`ah ) anging kalawan pitulung Alloh anu maha luhur tur maha agung
Bismillaahi : ngawitan abdi ngaos kana ieu kitab ( safinatunnaja hartosna parahu kasalameutan ) bari ngalap barokah kalawan nyeubat jeneungan Gusti Alloh.
( ari sifatna Alloh eta ) Arrohmaani : anu maha welas Alloh tegesna anu maparinan ni`mat Ageung Alloh di dunya sareung di akherat
( ari sifatna Alloh eta ) Arrohiimi : tur anu Maha Asih Alloh tegesna anu maparinan ni`mat Alit alloh di akhirat ka mukmin wungkul.
Alhamdu : ari sadaya pujian / ari jinis puji
Lillaahi : eta teuteup milik Alloh / eta teuteup kagungan Alloh
Robbil ‘Aalamiina : anu Mangeranan pirang-pirang alam / anu ngurus sadaya alam.
Wabihii : sareung mung ka gusti Alloh wungkul.
Nasta’iinu : nyuhunkeun pitulung abdi sadaya.
‘Alaa Umuuriddunyaa : kana mang pirang-pirang urusan dunya
Waddiini : sareung urusan agama / pikeun akherat
Washolla : sareung mugi maparinan Rohmat
( saha ) Allohu : Gusti Alloh.
Wassalama: sareung mugi maparinan Hurmat Alloh
‘Alaa Sayyidinaa: ka Jungjunan abdi sadaya.
Muhammadin: teugesna Kanjeung Nabi Muhammad.
Khootimin Nabiyyiina : anu janteun Panutup para Nabi
Wa Aalihii : sareung ka kulawargina Kanjeung Nabi
Washohbihii : sareung ka para shohabatna Kanjeung Nabi
Ajma’iina : teugesna sadayana
Walaa Haula : sareung hanteu aya daya upaya kanggo nyingkahan maksiat.
Walaa Quwwata : sareung hanteu aya kakiatan kanggo ngalakonan tho’at.
Illaa Billaahi : anging kalawan Pitulung Alloh.
( ari sifatna Alloh eta ) al’aliyyi : anu maha Luhur Alloh
( ari sifatna Alloh eta ) al ‘Azhiimi : tur anu maha Agung Alloh.



Wangsul ka halaman 1

Halaman Mimiti Kitab Safinah Sunda

Wilujeung sumping ka dulur sadayan anu parantos kersa nyumpingan halaman web pribados. mugia janten kasaean sareng urang sadayan aya dina karidhoan Alloh Subhanahu Wata'ala. aamiin