Translate

Minggu, 22 Februari 2015

Pangaosan Ngabahas Bab 27 & 28



27. Pangaosan Ngabahas Bab Syarat Takbirotul Ihrom

 شُرُوْطُ تَكْبِيْرَةِ الْإِحْرَامِ  سِتَّةَ عَشَرَ
Syuruuthu Takbiirotil  Ihroomi Sittata ‘Asyaro
 أَنْ تَقَعَ حَالَةَ اْلقِيَامِ فِي اْلفَرْضِ
  An Taqo’a Haalatal Qiyaami Fil Fardhi
 وَأَنْ تَكُوْنَ بِالْعَرَبِيَّةِ
Wa An Takuuna Bil ‘Arobiyyati
وَأَنْ تَكُوْنَ بِلَفَظِ الجَلَالَةِ وَبِلَفْظِ أَكْبَرُ
Wa An Takuuna Bilafzhil Jalaalati Wabilafzhi Akbaru
 وَالتَّرْتِيْبُ بَيْنَ اللفْظَيْنِ وَأَنْ لَايَمُدَّ هَمْزَةَ الْجَلَالَةِ
Wattartiibu Bainallafzhoini , Wa An Laa Yamudda Hamzatal Jalaalati
وَعَدَمُ مَدِّ بَاءِ أَكْبَرُ
Wa ‘Adamu Maddi Baa-i Akbaru
وَأَنْ لَا يُشَدِّدَ اْلبَاءَ
Wa An Laa Yusyaddidal Baa-a
 وَأَنْ لَايَزِيْدَ وَاواً سَاكِنَةً أَوْ مُتَحَرِّكَةً بَيْنَ الْكَلِمَتَيْنِ
Wa An Laa Yaziida Waawan Saakinatan Aw Mutaharrikatan Bainal Kalimataini
 وَأَنْ لَايَزِيْدَ وَاوًا قَبْلَ الْجَلَالَةِ
Wa An Laa Yaziida Waawan Qoblal Jalaalati
 وَأَنْ لَايَقِفَ بَيْنَ كَلِمَتَيِ التَّكْبِيْرِ
Waqfatan Thowiilatan Walaa Qoshiirotan
 وَقْفَةً طَوِيْلَةً وَلَا قَصِيْرَةً
Wa An Laa Yaqifa Baina Kalimataittakbiiri
 وَأَنْ يُسْمِعَ نَفْسَهُ جَمِيْعَ حُرُوْفِهَا
Wa An Yusmi’a Nafsahu Jamii’a Huruufiha
وَدُخُوْلُ اْلوَقْتِ فِي الْمُؤَقَّتِ وَإِيْقَاعُهَا حَالَ الْإِسْتِقْبَالِ
Wadukhuulul Waqti Fil Muwaqqoti Wa Iiqoo’uhaa Haalal Istiqbaali
 وَأَنْ لَا يُخِلَّ بِحَرْفٍ مِنْ حُرُوْفِهَا
Wa An Laa Yukhilla Biharfin Min Huruufihaa
 وَتَأخِيْرُ تَكْبِيْرَةِ الْمَأمُوْمِ عَنْ تَكْبِيْرَةِ الْإِمَامِ.
Wata’khiiru Takbiirotil Ma’muumi ‘An Takbiirotil Imaami



Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syaratna takbirotul ihrom eta aya 16 :
Anu kahiji tumiba takbir dina nuju ngadeug dina sholat fardhu
Anu kadua yen aya takbirotul ihrom ku bahasa arab
Anu Katilu  yen aya takbirotul ihrom ku lafazh jalalah ( Alloh )
Anu Kaopat  jeung lafazh kaagungan ( akbar )
Anu kalima tartib diantara dua lafazh
Anu kagenep yen ulah manjangkeun hiji jalma kana hamzahna lafazh Alloh
Anu katujuh hanteu meunang manjangkeun ba na lafazh akbar
Anu kadalapan ulah nasydiddan anjeunna kana ba na
Anu kasalapan ulah nambihan anjeunna kana wau anu paeh atawa anu harkatan dina antara dua kalimah
Anu kasapuluh ulah nambihan anjeunna kana wau dina samemeh lafazh Alloh
Anu kasabelas teu kengeng liren anjeunna diantara dua kalimah takbirotul ihrom kalawan liren anu panjang jeung anu pondok
Anu kadua belas yen ngarungukeun anjeunna kana awak anjeunna kana sadaya huruf-hurufna takbirotul ihrom
Anu katilu belas manjing waktu dina sholat anu diwaktu-waktu
Anu ka opat belas nibakeunnana takbirotul ihrom dina eukeur madeup ka qiblat
Anu ka lima belas ulah ngareuksak anjeunna kana hiji haraf tina haraf-haraf takbirotul ihrom
Anu ka genep belas ngahirkeun takbirotul ihrom ma`mum tina takbirotul ihrom imam


28. Pangaosan Ngabahas Bab Syarat maos Al-Fatihah

فَصْلٌ
شُرُوْطُ اْلفُاتِحَةِ عَشَرَةٌ
اَلتَّرْتِيْبُ وَالْمُوَالَاةُ وَمُرَاعَاةُ حُرُوفِهَا وَمُرَاعَاةُ  تَشْدِيْدَاتِهَا وَأَنْ لَا يَسْكُتَ سَكْتَةً طَوِيْلَةً وَلَا قَصِيْرَةً يَقْصِدُ بِهَا قَطْعُ اْلقِرَاءَةِ وَقِرَاءَةُ كُلِّ آيَاتِهَا وَمِنْهَا الْبَسْمَلَةُ وَعَدَمُ اللَّحْنِ الْمُخِلِّ بِالْمَعْنٰى وَأَنْ تَكُوْنَ حَالَةَ اْلقِيَامِ فِي الْفَرْضِ  وَاَنْ يُسْمِعَ نَفْسَةُ الْقِرَاءَةَ وَأَنْ لَا يَتَخَلَّلهَا ذِكْرُ أَجْنَبِيٌّ .

Syuruuthul Faatihati ‘Asyarotun : Attartiibu , Wal-Muwaalatu , Wamuroo’atu Huruufihaa ,Wamuroo’atu Tasydiidaatihaa , Wa An Laa Yaskuta Saktatan Thowiilatan Walaa Qoshiirotan Yaqshidu Bihaa Qoth’al Qirooati , Wa’adamullahnil Mukhilla Bilma’naa , Wa An Takuuna Haalatal Qiyaami Fil Fardhi , Wa An Yusmi’a Nafsahul Qirooata , Wa An Laa Yatakhollalahaa Dzikrun Ajnabiyyun .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syaratna fatihah eta aya 10 :
Anu ka hiji tartib
Anu ka dua tuluy-tuluy
Anu ka tilu ngaraksa pirang-pirang harafna fatihah
Anu ka opat ngaraksa pirang-pirang tasydidna fatihah
Anu ka lima ulah cicing kalawan cicing anu lila
Anu ka genep ulah sakeudeung anu neja anjeunna ku eta qoshiroh ( anu sakeudeung ) kana megatkeun maca
Anu ka tujuh maca sadaya ayat-ayatna fatihah jeung sapalihna tina fatihah ari basmallah
Anu ka dalapan hanteu salah maca anu ngaruksak kana ma`na
Anu ka salapan yen aya maca fatihah dina eukeur nangtung dina sholat fardhu
Anu ka sapuluh kudu ngarungukeun kana awak anjeunna kana maca
Anu ka sabelas ulah nyeulangan kana fatihah dzikir anu sejen

Pangaosan Ka 25 &26

25. Pangaosan Safinah  Ngabahas Rukun Solat 

Link Kanggo ka halaman mimiti



فَصْلٌُ

  أَرْكَانُ الصَّلاَةِ سَبْعَةَ عَشَرَ

Arkaanushsholaati Sab’ata ‘Asyaro : 
 اْلأَوَّلُ النِّيَّة ،

Al-Awwalu Anniyyatu ,
الثَّانِي تَكْبِيْرَةُ اْلإِحْرَامِ ،

Ats-Tsaani Takbiirotul Ihroomi ,
 
الثَّالِثُ اْلقِيَامُ عَلىَ اْلقَادِرِ فيِ الْفَرْضِ ،

Ats-Tsaalitsu Al-Qiyaamu ‘Alal Qoodiri ,
الرَّابِعُ قِرَاءَةُ اْلفَاتِحَةِ ،

Ar-Roobi’u Qirooatul Faatihati ,
 
اْلخَامِسُ الرُّكُوْعُ ،

Al-Khoomisu Ar-Rukuu’u ,
 
السَّادِسُ الطُّمَأْنِيْنَةُ فِيْهِ ،

As-Saadisu Aththuma’niinatu Fiihi ,
 
السَّابِعُ اْلإِعْتِدَالُ ،

As-Saabi’u Al-’Itidaalu ,
الثَّامِنُ الطُّمَأْنِيْنَةُ فِيْهِ ،

Ats-Tsaaminu Aththuma’niinatu Fiihi ,
 
التَّاسِعُ السُّجُوْدُ مَرَّتَيْنِ اْلعَاشِرُ الطُّمَأْنِيْنَةُ فِيْهِ الْحَادِي عَشَرَ الْجُلُوْسُ بَيْنَ السَّجْدَتَيْنِ ،

At-Taasi’u Assujuudu Marrotaini ,Al-’Aasyiru Aththuma’niinatu Fiihi ,
Al-Haadi ‘Asyaro Aljuluusu Bainassajadataini ,

 
الثَّانِي عَشَرَ الطُّمَأْنِيْنَةِ فِيْةِ 

Ats-Tsaani ‘Asyaro Aththuma’niinatu Fiihi
 ،الثَّالِثَ عَشَرَ التَّشَهُدُ اْلأَخِيْرُ

Ats-Tsaalitsu
‘Asyaro Attasyahhudul Akhiiru
 اَلرَّابِعُ عَشَرَ اْلعُقُوْدُ فِيْهِ الْخَامِسَ عَشَرَ : الصَّلاَةُ عَلَى النَّبِيَّ صَلَّى للّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فِيْهِ 

Ar-Roobi’u ‘Asyaro Alqu’uudu Fiihi ,
Al-Khoomisu ‘Asyaro Ashsholaatu ‘Alannabiyyi Shollallaahu ‘Alaihi
Wasallama
Fiihi
 اَلسَّادِسَ عَشَرَ

As-Saadisu ‘Asyaro Assalaamu 
 اَلسَّابِعَ عَشَرَ التَّرْتِيْبُ 
 As-Saabi’u ‘Asyaro Attartiibu




25. Pangaosan Ngabahas Rukun Solat 
Ari pirang-pirang rukun sholat eta aya 17 :
Anu Ka 1. Nyaeta niat
Anu Ka 2. Nyaeta takbirotul ihrom
Anu Ka 3. Nyaeta ngadeg pikeun jalmi anu kawasa dina sholat fardhu
Anu Ka 4. Nyaeta maos fatihah
Anu Ka 5. Nyaeta ruku
Anu Ka 6. Nyaeta thumaninah dina ruku
Anu Ka 7. Nyaeta i`tidal
Anu Ka 8. Nyaeta thumaninah dina i`tidal
Anu Ka 9. Nyaeta sujud 2x
Anu Ka 10. Nyaeta thumaninah dina sujud
Anu Ka 11. Nyaeta calik antara sujud dua
Anu Ka 12. Nyaeta thumaninah dina calik antara sujud dua
Anu Ka 13. Nyaeta tahiyat akhir
Anu Ka 14. Nyaeta calik dina tahiyat akhir
Anu Ka 15. Nyaeta maos sholawat ka kangjeung nabi Muhammad Saw. Dina calik dina tahiyat akhir
Anu Ka 16. Nyaeta aweh salam anu kahiji
Anu Ka 17. Nyaeta tartib



26. Pangaosan Ngabahas Tingkatan Niat 



فَصْلٌُ
اَلنِّيَّةُ ثَلاَثُ دَرَجَاتٍِ

Anniyyatu Tsalaatsu Darojaatin
  إِنْ كَانَتِ الصَّلاَةُ فَرْضًا وَجَبَ قَصْدُ اْلفِعْلِ
In Kaanatishsolaatu Fardhon Wajaba Qoshdul Fi’li
   وَالتَّعْيِيْنُ وَاْلفَرْضِيَّةُ 
 Watta’yiinu Wal Fardhiyyatu
 وَإِنْ كَانَتْ نَافِلَةً مُؤَقَّتَةً كَرَاتِبَةٍِ اَوْ ذَاتَ سَبَبٍِ وَجَبَ قَصْدُ اْلفِعْلِ وَالتَّعْيِيْنُ
Watta’yiinu Wal Fardhiyyatu
  ، وَاِنْ كَانَتْ نَافِلَةً مُطْلَقَةً وَجَبَ قَصْدُ اْلفِعْلِ فَقَطْ
Wain Kaanat Naafilatan Muthlaqon Wajaba
Qoshdul Fi’li Faqoth
   اْلفِعْلُ :أُصَلِّي وَالتَّعْيِيْنُ: ظٌهْرًا أَو عَصْرًا وَاْلفَرْضِيَّةُ فَرْضًا 
Al-Fi’lu Usholli , Watta’yiinu Zhuhron Aw ‘Ashron , Wal Fardhiyyatu Fardhon


Ari niat eta aya 3 tingkat :
upami aya sholat eta fardhu, mangka
1.wajib neja pagawean
2. nangtukeun waktuna
3. ngeunaan kafardhuanna
Jeung lamun aya sholat sholat sunnah anu diwaktu-waktu sacara sholat rowatib ( qobliyyah & ba`diyyah , samemeh atanapi saparantos fardhu ) atawa sholat anu ngagaduhan sabab ( istisqo, Id, samagaha jeung sajabana ) mangka wajib neja pagawean jeung nangtukeun sababna ( sapertos “ simkuring niat sholat Istisqo / Id “hanteu diwajibkeun nangtukeun sunnahna , mung upami nangtukeunna hukumna sunnah ) jeung lamun aya sholat sholat sunnah anu muthlaq ( anu hanteu boga katangtuan ) mangka wajib neja pagawean wungkul ( sapertos :” simkuring niat sholat 2 roka`at “ ). Anu kaleubeut sholat sunnah muthlaq sapertos : sholat sunnah Tahiyatul masjid, Sunnah wudhu, Istikhoroh, Ihrom Hajji, Thowwaf , datang tina angkat-angkatan ( safar ) sareung sajabina.
ri niat ngahaja migawe eta saperti lafazh Usholli ( ngahaja niat migawe sholat abdi ) ari nangtukeun waktuna eta saperti lafazh zhuhron atawa ashron ( kana sholat zhuhur atawa ashar ) ari ngeunaan kafardhuanna eta saperti lafazh fardhon ( fardhu anu... ) 









Sabtu, 21 Februari 2015

Pangaosan ka 23 Sareng 24



23.Udzur Shalat




فَصْلٌ
 أَعْذَارُ الصَّلَاةِ اِثْنَانِ
 اَلنَّوْمُ وَالنِّسْيَانُ .
 


A’dzaarush-Sholaati Itsnaani : An-Naumu Wannisyaanu 
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang udzur sholat eta aya 2 :
1.kuleum / sare
2.hilap / poho

24.Syarat-syarat sholat & wateus Orat 




فَصْلٌ
 شُرُوْطُ الصَّلَاةِ ثَمَانِيَّةٌ : طَهَارَةُ الْحَدَثَيْنِ وَالطَّهَارَةُ عَنِ النَّجَاسَةِ فِي الثَّوْبِ وَالْبَدَنِ وَالْمَكَانِ وَسَتْرُ اْلعَوْرَةِ وَاسْتِقْبَالُ الْقِبْلَةِ وَدُخُولُ اْلوَقْتِ وَاْلعِلْمُ بِفَرْضِيَّتِهَا وَأَنْ لَايَعْتَقِدَ فَرْضًا مِنْ فُرُوضِهَا سُنَّةً وَاجْتِنَابُ الْمُبْطِلَاتِ

اْلأَحْدَاثُ اثْنَانِ  أَصْغَرُ وَأَكْبَرُ  فَالْأَصْغَرُ مَاأَوْجَبَ اْلوُضُوءَ . وَالْأَكْبَرُ مَاأَوْجَبَ اْلغُسْلَ

اْلعَوْرَاتُ أَرْبَعٌ
 عَوْرَةُ الرَّجُلِ مُطْلَقًا وَالْأَمَةِ فِي الصَّلَاةِ مَا بَيْنَ السُّرَّةِ وَالرَّكْبَةِ .
وَاَوْرَةُ الْحُرَّةِ فِي الصَّلَاةِ جَمِيْعُ بَدَنِهَا مَاسِوَي الوَجْهِ وَالكَفَّينِ
وَاَوْرَةُ الْحُرَّةِ وَالاَمَةِ عِندَ الْاَجَانِبِ جَمِيْعُ الْبَدَنِ وَاِنْدَ مَحَارِ مِهِمَا وَالنِّسَا ءِ مَا بَيْنَ السُّرَّةِ وَرُّ كْبَةِ

 

Syuruuthush-Sholaati Tsamaaniyyatun : Ath-Thohaarotu ‘Anil Hadatsaini Al-Ashghori Wal Akbari , Wath-Thohaarotu ‘Aninnajaasati Fits-tsaubi Walbadani Wal Makaani , Wasatrul ‘Auroti , Wastiqbaalul Qiblati ,Wadukhuulul Waqti , Wal’ilmu Bifardhiyyatihaa , Wa An Laa Ya’taqida Fardhon Min Furuudhihaa Sunnatan , wajtinaabul Mubathilaati .
Al-Ahdatsu Itsnani : Ashghoru Wa Akbaru , Al-Ashghoru Maa
Awjabal Wudhuua Wal Akbaru Maa Awjabal Ghosla .

Al-’Aurootu Arba’un : ‘Auroturrojuli Muthlaqon Wal Amati Fishsholaati Maa Bainassurroti Warrukbati , Wa ‘Aurotul Hurroti Fishsholaati Jamii’u Badanihaa Maa Siwal wajhi Wal Kaffaini Wa ‘Aurotul Hurroti Wal Amati ‘Indal Ajaanibi Jamii’ul Badani Wa ‘Inda Mahaarimihaa Wannisaai Maa Bainassurroti Warrukbati .

 

Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syaratna sholat eta aya 8 :
1.suci tina hadats
2.suci tina najis, dina baju, dina badan jeung dina tempat
3.nutupan orat
4.madeup ka qiblat
5.asup waktu
6.uninga kana bangsa fardhu sholat
7.ulah nekadkeun anjeunna kana hiji kafardhuan tina pirang-pirang fardhuna sholat kana sunnah
8.neubihan pirang-pirang perkara anu matak ngabatalkeun kana sholat

Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang hadats eta aya 2 :
1.hadats alit
2.hadats ageung
Mangka ari hadats alit eta hadats anu ngawajibkeun kana wudhu sareung aeri hadats ageung eta hadats anu ngawajibkeun kana adus

Wateus Orat

Ari pirang-pirang orat eta aya 4 :
1.orat lalaki halna mutlak
2.oratna amat dina sholat nyaeta perkara anu aya antara bujal jeung tuur
3.orat awewe merdeka dina sholat nyaeta sadaya badanna saliyan ti raray sareung dampal panangan dua
4.oratna awewe merdeka jeung amat mungguh lalaki anu sanes mahrom eta sadaya badan sareung mungguh nisbah ka mahrom-mahromna awewe merdeka jeung amat jeung pirang-pirang awewe eta perkara antara udeul jeung tuur